Mangrupa kawajiban urang salaku sélér Sunda pikeun ngamumulé budaya
jeung basa Sunda. Sok komo kiwari aya Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat
Nomor 5 Tahun 2003 Tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, Dan Aksara Daerah. Hal
ieu téh istuning matak reugreug, matak bungah. Ditambah deui ku ayana Surat
Keputusan Gubernur Jawa Barat Nomor : 434/Sk.614.Pk/99 Tentang Pembakuan Aksara
Sunda.
Rabu, 22 Oktober 2014
PACARAN, HALAL ATAU HARAM?
Dunia Remaja dan Romantikanya
Masa
remaja merupakan masa yang paling indah dalam fase kehidupan manusia. Pada masa
ini terjadi pencarian identitas diri, impian besar dan semangat besar. Pada
masa inilah berpadu antara asa, cita dan cinta.
Selasa, 21 Oktober 2014
Gentra Pasundan
Gending jeung hariring ngagentra rasa, matak nineung matak waas asa
kagagas ku mangsa lawas. Pasundan ngagentra sékésélérna pikeun micinta jeung mihéman banda sorangan. Runtuyan lagu
Parahiyangan mibanda ajén nu
luhung. Pantes jeung wajar pisan pikeun urang salaku nonoman Sunda bisa
ngamumulé kawih-kawih Sunda.
Kukituna, dina raraga ngarumat ajén Ki Sunda dina wangun kawih,
simkuring seja ngabagikeun kaluhungan seni sunda. Wilujeng niténan ........
Runtuyan kawih Sunda diantawisna :
· Gending Kawih CINTA anggitan Kang Nano S
- Gending Kawih Kalangkang, anggitan Kang Nano Shttp://www.4shared.com/mp3/oq-4sIayce/Gending_-_KALANGKANG.html
Sajak :Ramadhan 2012
Eulis,.....
Ramadhan
tandang datang na lahunan
Mangpengkeun
panineungan, jauh...ka tungtung rasa
Didinya aya
kangen kahoncewang, nyacas baluas
GUPAY KALAKAY
lengkah ki mangsa
teu bisa dipungpang nigas carita nu tinggal catetan
gilirna wanci
sumilir nyapih diri nu ngalengis nuguran kaketir ati
waktu nu mangprung
mangpengkeun kalbu ka sagara kabingung
di dieu ukur kapaur
mapaes karempan dina gawir kainggis
basa Mei jadi saksi
Wilujeng angkat ... Eulis !
Catetan demi catetan...
natrat ngalangkangan dina eunteung panglamunan
diguar ku harewos dangding nu dumareuda mapay-mapay lahunan peuting,
gerentes dina hariring, guntreng magunemkeun carita kamari
AKIBAT SIPAT SARAKAH
Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten,
papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan
orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé,
malah-malah sakapeung mah sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur
nginum cai wungkul.
SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG KUYA
Dihiji
leuweung geledegan , leuweung ganggong sima gonggong panonoban sato galak
tempat ngancik rupaning nu maratih. Hiji-hijina sato nu ngawasa éta alas nya
éta sakadang maung. Tagogna borongongong, sipatna barangasan paribasa sahaok
kadua gaplok. Mun ngagaur sorana handaruan matak keueung matak gimir nu
ngadéngéna.
Langganan:
Postingan (Atom)