Selasa, 21 Oktober 2014

Sajak :Ramadhan 2012



Eulis,.....
Ramadhan tandang datang na lahunan
Mangpengkeun panineungan, jauh...ka tungtung rasa
Didinya aya kangen kahoncewang, nyacas baluas
Diri katambias ngeukeuweuk tresna nu geus anggang miang marengan anjeun ka kalanggengan

Eulis ,....
Handapeun purnama,
Kapan urang wakca aya gurat katresna
Gumawang  neundeun harepan
Nitipkeun asih na ibun peuting nu beueus dina gupay camara
Siga totonden bakal jadi peuting panganggeusan
Antara urang kasapih pati
Anjeun miheulaan ngalanglang alam padang poe panjang

Eulis,...
Didieu ukur ungkara du’a
Dina agungna Ramadhan diri namprakkeun paneda
Muga anjeun tingtrim nyanding ka Asih Yang Widi
Kagunturan bagja kenging anugerah sawarga
Nu geus dipasinikeun pikeun umatNa anu nohonan PanyaurNa
Amin ......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar