GUPAY
KALAKAY
lengkah ki mangsa
teu bisa dipungpang nigas carita nu tinggal catetan
gilirna wanci
sumilir nyapih diri nu ngalengis nuguran kaketir ati
waktu nu mangprung
mangpengkeun kalbu ka sagara kabingung
di dieu ukur kapaur
mapaes karempan dina gawir
kainggis
basa Mei jadi saksi pangjajap gupay ka nu miang
miang ninggalkeun
tapak-tapak kamelang
cunduk waktu nu
jadi kapaur
datang mangsa nu
jadi kahoncewang
niti wanci nu jadi
kaketir yen takdir teu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar
Aya datang aya
mulang, mulang jeung datang geus pasti kateang
ngalangkangan
katineung diri
basa urang
balagonjakan naratas bulan jeung taun
natar pangharepan
geusan numuwuhkeun bibit silihwangi
sangkan abdi abdi
digjaya ngaranggem sagala cita-cita
bapa.....ibu
ukur gerentes nu
tiasa kedal
panggupay kanu
angkat
ukur ucapan
nuhun....nuhun
kana sagala jasa
salira
bapa.... ibu,
hapunten diri,
hapunten abdi sadaya
nu nyesek ku
kalepatan leber ku kasalahan
rumaos seueur
ngabarungsinang nyieun karungsiing
bapa....ibu
ukur citangis nu
jadi pangjajap
wilujeng angkat,
wilujeng kantun
sapu nyere pegat
simpay
mugi salira
sinugrah bagja salalamina
angsal damel sadaya
nu dicita-cita
wilujeng kantun ...bapa,
ibu
Karawang,
Mei 2013
Aradea
Tidak ada komentar:
Posting Komentar