Jabang
Tutuka Konta Druwasa
diserat ku:
Kelas XII IPS 2
Pawayangan
di Indonesia parantos jadi objek seni anu Adiluhung.
Wayang golek seni anu asalna ti tatar sunda parantos diakui ku UNESCO sebagai
kesenian warisan leluhur di Indonesia. Anu bade dibahas nyaeta ngeunaan tokoh
pawayangan anu aya dicatur Mahabharata nyaeta Raden Gatotkaca, manusa tulang
besi, urat kawat, kulit baja.
Naha
bet milih tokoh Gatotkaca? Kusabab Gatotkaca hiji tokoh wayang anu parantos
dikenal kalangan masyarakat Indonesia, boh di kalangan murang kalih, boh
dikalangan dewasa, Gatotkaca parantos janten ikon jago anu teu teurak ku
pakarang naon bae. Kiwari Gatotkaca hiji tokoh anu diantos-antos upami aya
pagelaran wayang golek.
Riwayat
kahirupan Gatotkaca bade diguar sacara singkat, mung pasti benten-benten versi.
Kawitna nami na sanes Gatotkaca, tapi nyaeta Jabang Tutuka. Jabang tutuka teh
putrana Aria Bima pandawa anu ka dua oge Ratu Ayu Arimbi. Yuswa tilu taun, tali
ari ari na Jabang Tutuka teu acan puput keneh wae, kusabab teu aya senjata
pakarang anu teurak pikeun neukteuk tali ari ari na Jabang Tutuka. Ahirna
Arjuna salaku paman na Jabang Tutuka kapeto pikeun ikhtiar milarian senjata anu
tiasa diangge neukteuk tali ari ari na Jabang Tutuka.
Sanghiang
Otipati Jagat Nata ngutus Resi Narada pikeun masihkeun senjata Konta Druwasa ka
Arjuna kangge neukteuk tali ari ari na Jabang Tutuka. Tapi Resi Narada salah
mikeun sanes ka Arjuna tapi kalah ka Aradea nu keur tatapa, sabab titingalian
Resi Narada makuta Aradea sami sareng makuta na Arjuna. Senjata konta druwasa
dicandak kabur ku Aradea, Resi Narada kacida kagetna, lajeng nepangan Arjuna.
Arjuna ngagunakaeun aji puter jagat pikeun ngajebak Aradea. Pas pisan Aradea
ujug-ujug aya dipayunen Arjuna, Arjuna menta supaya masrahkeun eta senjata konta
druwasa, tapi keukeuh Aradea teu masrahkeun. Lajeng ogo begalan pati, duanana
pada-pada sakti, pada-pada kuat, anu ahirna Arjuna ukur kenging warangka konta
druwasa na wungkul. Aradea ngejat kabur nyandak eta eusi na konta druwasa.
Warangka
anu dibantu ku Arjuna dipasihkeun ka Batara Kresna, lajeng diteukteukeun ka
puser na Jabang Tutuka. Tali ari ari na puput, ngan eta warangka asup ka jero
puser na Jabang Tutuka, anu isuk jaganing pageto Jabang Tutuka pati na dina
perang barathayuda, lawan tanding sareng Adipati Karna anu nami kawit na
Aradea. Konta Druwasa manjing warangka.
Disusun oleh
·
Elzawati
·
Ratna
Juwita
·
Syntia
Nuranggraeni
·
Tweentyn
Okta Nabila
·
Zhafira
Gitamo
sae pisan, dileler ku peunteun 95
BalasHapus