Dongeng



SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG KUYA

Dihiji leuweung geledegan ,
leuweung ganggong sima gonggong panonoban sato galak tempat ngancik rupaning nu maratih. Hiji-hijina sato nu ngawasa éta alas nya éta sakadang maung. Tagogna borongongong, sipatna barangasan paribasa sahaok kadua gaplok. Mun ngagaur sorana handaruan matak keueung matak gimir nu ngadéngéna.


Sakadang maung ngarasa diri pangjagona diantara sakabéh sasatoan nu aya di éta alas bandawasa. Kukituna manéh ngistéranan sorangan jadi raja leuweung anu mibanda kakawasan mutlak pikeun nyieun aturan jeung tatalaksana kahirupan leuweung. Mun aya nu teu taat kana aturanana tanwandé bakal diala nyawana, dikerekeb nepi ka paéhna.

Dina hiji poé, sakadang maung leuleumpangan mapay-mapay pasisian leuweung. Jog anjog ka sisi walungan. Awakna asa teunangan da puguh ti isuk can baranghakan. Sakadang maung gular-giler néangan hakaneun, sugan waé aya kijang atawa sato séjénna anu bisa dimangsa ku manéhna.

Sajongjongan mah taya sato nu liwat ka éta tempat. Tapi teu lila tina rungkun kaso aya nu ngaguruyuh leumpang lalaunan bangun nu leuseuh. Sakadang maung curinghak, mata nu seukeut téh mencrong kanu keur ngalénghoy. Tétéla nu keur ngalénghoy nya éta sakadang kuya rék ngajugjug walungan maksudna rék ngadon maseuhan awak sabab geus ampir sapoé jeput manéhna papanasan.

“Lakadalah...,kabeneran aya si kuya. Gancang atuh leumpang téh”. Ceuk sakadang maung dibarung ku atoh bet aya kuya ngahelar liwat kahareupeunana. Sakadang kuya reuwaseun pisan nénjo aya sakadang maung ngabedega ngahalangan jalan.

“Beu, cilaka dua welas aing, nyaho aya si belang mah aing téh moal jalan dieu”. Kitu gerentes sakadang kuya di jero haténa.

“Hahaha..., lumayan kuya ogé tibatan lapar, itung-itung ganjel beuteung wéh ulang kosong teuing”. Ceuk maung bari nyangéréngan ka sakadang kuya. Atuh puguh sakadang kuya beuki reuwas, moal henteu manéhna pasti jadi eusi peujitna sakadang maung. Tapi kuya tetep nenang-nenang manéh bari meres uteuk mikiran kumaha carana sangkan salamet teu dihakan ku maung.

“Nun raja leuweung, aya perlu naon andika cumeluk ka kaula?”

“Nya éta déwék téh lapar, kabeneran manéh bet datang. Wayahna waé dina waktu ayeuna manéh kudu pasrah rék dihakan ku kaula”. Ceuk sakadang maung bari ngodomang nyampeurkeun ka sakadang kuya. Sakadang kuya teu obah tina tempatna, pok nyarita:

“Nya mangga waé ari sakira daging kula ngeunah didahar mah, kula pasrah ka raja leuwung”.

“Alus, mémang kudu kitu ari ka raja mah kudu taat ulah baha”. Ceuk maung beuki bungah ngadéngé ucapan sakadang kuya.

“Tapi, mun bisa mah kula rék usul heula”. Ceuk sakadang kuya bari mundur sababaraha léngkah sabab sakadang maung ngangseg siap rék ngerekeb.

“Usul naon?” Maung panasaran.

“Alusna mah kula ulah dihakan atah-atah, tapi kudu dibeuleum heula ngarah hipu jeung seungit’. Ceuk sakadang kuya mimiti masang perdaya ka sakadang maung.

“Hadé tah usul téh. Heug déwék rék ka tonggoh geusan nyiar kayu pisuluheun keur meuleum silaing. Ngan omat silaing ulah kabur!” Ceuk maung.
“Sing percaya ka kula. Bisi teu percaya, pék geura gali lombang sing jero terus asupkeun kula ka jerona, pasti kula moal bisa kamna-mana.”

Maung téh nurut kana ucapan sakadang kuya. Tuluy maung ngagali lombang keur tempat tahanan kuya sangkan teu bisa kabur. Sabada lombang réngsé, sakadang maung ngasupkeun kuya ka jerona.

Sakadang kuya seuri leutik dina jero haténa, tétéla maung nu sakitu garangna téh masih kénéh bisa dibobodo ku manéhna. Sanggeus sakadang kuya aya dijero lombang, gancang manéhna nyieun liang sacukupeun awakna.

Teu lila sakadang maung geus datang deui bari mawa suluh pikeun meuleum kuya nu aya di jero lombang.

“Kuya...?” Ceuk maung ngagorowok nyalukan sakadang kuya.

“Kuk....” Kuya némbalan ti jero lombang.

“Kumahakeun yeuh suluh téh?”

“Bugbrugkeun wéh ka jero lombang ambéh kula kaurugan, terus beuleum!”

Teu loba catur deui, sakadang maung téh ngurugan lombang ku suluh, sanggeus pinuh tuluy diseungeut seuneuna nepi ka ngabebela bakat ku gedé

“Kuya! Hirup kénéh manéh?”

“Kuk...Uing hirup kénéh”

“Kuya?”

“Kuk...”

“Kuya?”

Sakadang kuya teu némbalan. Sakadang maung ngarasa yakin yén kuya geus paéh di jero lombang, padahal sakadang kuya teu cécél teu bocél sabab manéhna cicing dijero liang leutik anu teu kajojo ku seuneu dijero lombang.

Seuneu pareum tinggal ruhayna, sakadang maung luncat ka jero lombang anu pinuh ku ruhak. Maung poho mun éta lombang téh jerona satangtung awak manéhna. Teu ampun deui, maung ti gebrus ka jero ruhak. Awakna géhéng tutung, maung téh paéh dijero lombang meunang nyieun manéhna.

Sakadang kuya salamet, tuluy kaluar ti jero liang. Haténa bungah masih kénéh ditangtayungan kunu Maha Kawasa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar