Rabu, 25 Oktober 2017

Mangpaat Daun Seureuh



Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisional, pangpangna dipakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokter. Lamun seureuh dipake ubar, biasana sok dicampuran ku bahan-bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula bereum, jeruk nipis jeung nu lain-lainna deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu teh sok disebut ubar kampung.
Urang sunda geus ti baheula wawuh jeung seureuh (piper betle). Seureuh teh aya rupa-rupa, nyaeta seureuh jawa, rupana hideung sarta leuwih lada, seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhur, jeung seureuh nu hejo uratna.

Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe. Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheut, bisa dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa oge daun seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy ditaplokkeun ka nu raheutna.
Pikeun ubar nyeri panon, seureuhna sabada dikumbah beresih, tuluy digelang ditinyuh ku cai atah. Eta cai seureuh teh dipake meresihan panon nu nyeri tea. Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran apu, tuluy dibaluskeun kana beuheung. Anu nyeri dada oge bisa di ubaran ku seureuh nu meunang ngarieus kira-kira lima lambar, dicampur ku minyak hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung bawang bereum sapotong.
Seureh matak kuat kanu huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri huntu. Jadi, pangaruhna gede pisan. Dina iklan odol ( pasta gigi) aya anu make daun seureh minangka salah hiji bahana. Kitu deui seureuh sok di pake paranti kekemu ( obat kumur).lian ti eta, nu bau baham oge bisa di kurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua lambar seureuh. Mun bisa mah seureuh nu di beuweung tadi teh terus di teureuy.
Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebat mimisan. Cara ngubarana, daun seureuh dipintel-pintel, jiga aki urang nu sok leukeun keneh ngaroko make daun kawung. Daun seureuhna ge dipintel-pintel jiga kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel-mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung.
Kiwari geus langka wanoja Sunda nu nyeupah. Kitu ge geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu pati dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh teh loba zat nu aya mangpaatna pikeun awak urang.

Diserat ku kelompok:
1.      DESI AMELIA
2.      DEWI YUNIAR AGUSTIN
3.      NURMAS ANDINI
4.      SHERLY B.M
5.      SRI YUNINGSIH

Tidak ada komentar:

Posting Komentar