Rabu, 25 Oktober 2017

BIOGRAFI

Raden Dewi sartika Dibabarkeun di Bandung dina kaping 4 Desember 1884 ti genep sadulur. Ramana Raden Somanagara, bangsawan Bandung nu harita janten patih di Bandung. Ibuna Raden Ayu Rajapermas, putri bupati Bandung R.A. Wiranatakusumah IV (1846-874) waktu Raden Dewi Sartika yuswa salapan taun anjeuna di kaluarkeun ti sakola menak nu aya di Bandung lantaran ramana di asingkeun. Kumargi ibuna ngiring sareng Raden Somanegara ka pangasingan,Raden Dewi Sartika di roroh ku uwana anu jadi patih apdeling cicalengka. ti istrina Patih Cicalengka,Raden Dewi Sartika di ajar rupa-rupa karajinanan istri, nu dina waktos harita dianggep perlu dipibanda ku wanoja menak Sunda.
Lian ti karajinan teh anjeuna oge kenging rupa-rupa pangayonan.
Ti harita Raden Dewi Sartika tos nembongkeun gede minat kana ngadidik kaumna. Teu lami ibu na mulih ti pangasingan.kumargi ramana maot. Raden Dewi Sartika ngantunkeun Cicalengka ngiring sareng ibuna di Bandung. Raden Ayu Rajapermas sareng putrana Raden Dewi Sartika mendakan kasesah kumargi kakayaan disita pamarentah. Ti harita Raden Dewi Sartika timbul kasadaran kana kapentingna kaum istri miboga pangaweruh pikeun hirup.
     Raden Dewi Sartika gaduh niat hoyong janten guru, sarta disauarkeun eta cita-citana ka bupati Bandung. Dina warsih 1904 harita Raden Dewi Sartika yuswana 20 taun, di buka sakola isrti nu saurna mung dua kelas, jumlah muridna 20 urang. Sareng anu janten guruna Raden Dewi Sartika tempatna di pendopo Kabupaten Bandung. Taun saterusna jumlah muridna nambahan. Ahirna eta sakola teh dipindahkeun ka jalan Ciguriang lantaran dipendopo tempatna tos teu nyekapan. salajengna namina dirobah jadi sakola Raden Dewi sartika dina taun 1929.
     Lantaran eta sakola dianggap aya hasilna, terus ngadegkeun deui sakola-sakola di kota-kota kabupaten di tanah Sunda. Seperti di tasikmalaya, Garut jeung Purwakarta nu namina sakola Kautamaan Istri. Dina taun 1929 Raden Dewi Sartika meunang tanda jasa bintang perak ti pamerantahan. Dina taun 1940 Raden Dewi sartika kenging jasa bintang emas. Dina taun 1939, Raden Dewi Sartika dikantunkeun ku carogena Agah Saruawinata anu ngajorong kana perjuangannana salami 30 taun. Lian ti janteun guru sareng pupuhu sakola, Raden Dewi Sartika oge mindeng nyerat nu utamina pikeun nyebarkeun cita-citana. Perang dunya kadua jepang datang ka Indonesia sarta nutup jeung ngubarkeun sakola Raden Dewi Sartika. Dina kaping 11 september 1947 anjeunna ngantunkeun.

Diserat deui ku kelompok hiji
*      Rina Nurrahmawati
*      Tazqia Aulia Faturachman
*      Rubiyanti
*      M. Dwi Pamungkas
*      Rivanza
*      Teguh 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar