SULING
Ukuran suling nangtukeun luhur handapna
sora. Upamana, keur lagu-lagu tembang suling
nu digunakeun leuwih panjang antara 60–65 cm (sabab leuwih rendah sorana)
ti batan suling keur kawih atawa degung 50–59 cm.
Dina pidangan lian, suling ogé sok
dipaké pikeun gending-gending instruméntal kayaning kacapi-suling (Cianjuran) jeung degung
klasik.Wangun suling aya dua nyaéta suling liang genep jeung suling
liang opat (suling degung). Nada suling ilaharna laras péntatonis Sunda.
Dina kamekaranana, suling miboga wangun jeung laras-laras anyar anu dijieun husus pikeun kabutuhan musikal aransemen gending, di antarana suling mandalungan, suling saléndro liang opat, suling madenda liang opat, suling wisaya. Aya ogé suling anu dijieun husus maké tangga nada diatonis atawa Cirebonan.
Dina kamekaranana, suling miboga wangun jeung laras-laras anyar anu dijieun husus pikeun kabutuhan musikal aransemen gending, di antarana suling mandalungan, suling saléndro liang opat, suling madenda liang opat, suling wisaya. Aya ogé suling anu dijieun husus maké tangga nada diatonis atawa Cirebonan.
Wangun lian tina suling nyaéta bangsing anu boga nada diatonis,
ilahar dipaké dina kasenian tarling di
wewengkon Cirebon jeung Indramayu. Waditra séjén anu méh sarupa
wangunna jeung suling sunda di antarana seruling, saluang, suling
(Bali). Suling dina klasifikasi alat musik dunya kaasup kana
instrumen flute, sub klasifikasi wooden/bamboo flute.
Dina basa Inggris suling téh disebut flute.
Suling kaasup kana anggota kulawarga alat
musik tiup kai (kaasup awi). Sora suling anu cirina lemes sarta
bisa dihijikeun alat musik lianna kalawan alus.
Suling modérn pikeun para ahli mah
umumna dijieun tina pérak, emas atawa
campuran duanana. Lamun suling pikeun keur nu diajar kénéh mah umumna dijieun
tina nikel-pérak, atawa logam anu
disipuh ku pérak.
Suling konsér standar ditala (disetém)
dina nada C jeung boga ambahan nada 3 oktaf ti mimiti middle C. Tapi, dina
sababaraha suling pikeun para ahli mah aya konco tambahan sangkan nepi kana
nadaB di handap middle C. Ieu ngandung harti yén suling téh
mangrupa salah sahiji alat musik orkés anu
luhur (tinggi), iwal ''piccolo'' anu
leuwih luhur tibatan suling téh. Piccolo nyaéta suling leutik anu ditala
saoktaf luhureun suling konsér standar.
Suling konsér modérn téh boga réa pilihanana. Thumb key B-flat (diciptakeun
jeung ditaratas ku Bricciadi)
standar. B foot joint, tapi suling ieu mah mangrupa pilihan ékstra
pikeun modél menengah ka luhur jeung profésional.
Suling open-holed, ogé biasa
disebut French Flute (anu dina sababaraha koncina aya liangan
ti tengahna, jadi pamaén kudu nutupan éta liang ku ramona) umum dina pamaén
tingkat konsér. Tapi sababaraha pamaén suling (utamana nu dialajar, ogé
sababaraha ahli) leuwih milih closed-hole pletéau key. Nu keur
dialajar umumna maké alat sawatara keur nutupan éta liang nepi ka maranéhna
bisa méré nah nempatkeun ramo kalawa pas. Sababaraha urang percaya yén
konci open-holed mah mampuh ngahasilkeun sora anu leuwih harus
jeung leuwih jelas dina nada-nada handap.
Suling konsér dina mangsa saméméh éra
Klasik (1750) maké Suling Blok sedengekeun dina mangsa saméméh Éra Romantis nu
dipaké téh Suling Albért (Kai hideung liangan dilengkepan ku klép,
jeung ti mangsa Romantis (1820) maké suling Boehm (kai hideung atawa logam anu
sakabéhna dilengkepan ku klép, disebut ogé suling Boehm, sistem Carl Boehm),
atawa suling (B. Inggris: flute) wungkul.
Husus pikeun musik keroncong di Indonésia dina mangsa
Stambul (1880-1920) maké suling Albert, jeung dina mangsa keroncong
abadi (1920-1960) geus maké suling Boehm. Dongéng ngeunaan
suling Keur niup suling
Suling dina
Dongeng Sunda.
Dina dongéng
Sunda kacaritakeun lalakon anu nyabit-nyabit suling nyaéta
dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét. Éta
suling téh dijieunna tina tulang maung anu
geus hasil ditipu ku sakadang kuya sangkan daék asup kana durukan. Tulang
sakadang maung tuluy diliangan ku bangbara tuluy di seuseupan ku nyiruan
sangkan ngahasilkeun sora anu harus.
Cara Maké
Sikep maénkeun suling nyaéta bari diuk
(sila), suling perenahna dihareup kalawan nangtung (vértikal). Tilu ramo
curuk-jajangkung-jariji (biasana) leungeun kénca dipaké pikeun nutup-muka tilu
liang nu di luhur. Ana pon tilu liang di handapeunana ditutup-buka ku tilu ramo
katuhu nyaéta curuk-jajangkung-jariji. Biwir diantelkeun kana suwer lebah
tukang, deukeut ceuceut
careuh tuluy ditiup sangkan ngahasilkeun sora.
NAMA
KELOMPOK :
Ø EPI KAMELIA
Ø VERA ANDRYANI
Ø VENANDA R.A
Ø RIDA PUTRI L
Tidak ada komentar:
Posting Komentar