Selasa, 21 Oktober 2014

AKIBAT SIPAT SARAKAH




Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. 
Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana. Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.


Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah, boroning ngalampahkeun kana paréntahna, jenengana -Na ogé henteu apal, pangrasana mah ieu bumi jeung langit téh jadi ku sorangan baé, teu aya  anu midamel.

Kacaturkeun geus dua poé manéhna henteu manggih dadahareun, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.

Tuntungna  boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah didahar, keur tamba lapar.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé.  Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg loba pisan, rék pindah tina walungan kana talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur, ku tina seuseut nepi ka henteu bisa maju ngojayna.  Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih balai paéh kasaatan.

            Éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang, boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan!  Samiun Allah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.  Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker mani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui ngojay tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh nepi ka ngadégdég awakna tina bawaning kutiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

Sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing  mah rék ménta duit”.

Ti dinya éta nin-inini téh menekung di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah kuring neda artos! Samiun Alah kuring neda artos!” Kitu baé omongna teu eureun-eureun istuning husu kacida panedana ka gusti Allah.

Sora nini-nini nu keur ngadu’a té kacida tarikna, nepi ka kadéngé ku tatanggana nu imahnna dipaké ngémpéran ku nini-nini. Kulantaran ngarasa kaganggu ku sora nini-nini téa, ngan haok baé manéhna nyentak pokna, “Nini jempé siah, aing kagandéngan yeuh. Naha euweuh deui pagawéan kitu? Tibatan kikituan mah mendingan ngala suluh atawa daun ka leuweung, meureun aya hasilna. Da gusti Alloh ogé moal jol-jol méré tanpa manusa daék usaha.” Panyentakna éta nu boga imah henteu diwaro ku nini-nini, ngadu’ana kalahka beuki tarik.

Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida keuheuleunana,da si nini téh henteu beunang dicarék. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, nepi ka pinuh, , niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di nyanaan duit paparin Allah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna, ku éta karung ambéh kapok moal ngadu’a deui.

Kira-kira geus wanci sareupna karung beling nu eusina téh dibawa naék ka loténg, tuluy diragragkeunkeun meneran kana tonggongna Si nini. Akibatna nini-nini téh kelenger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk kacida atoheunnana, panyangka si nini pasti éta téh karung duit, paparin ti Allah. Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug dég-dég, banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, sabab nu dikarungan téh tétéla pisan lain duit tapi beling.

Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha seueur-seueur  teuing maparin artos té,?” karung téh geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya duit emas aya ogé pérak.

Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadeugdeug, padahayang nyaho nini-nini nu meunang bagja boga duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun imah katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih beurat beunghar ku harta. Kitu deui dipikanyaah ku ménak-ménak tina saregep kumawulana jeung tambah alus budina, katurutku jalma réa, tina suka tulung  ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, sabab ngaraskeun kadirina basa keur hirup sangsara.

Kacaritakeun tatanggana  anu méré karung beling téa, kabitaeun naker nénjo éta nini-nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna, boga niat hayang nurutan. Ti dinya tuluy nganjang, sejana badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan bet jadi duit kabéh.  Ku perkara éta ayeuna kaula rék ménta dibales ku Nini, hayang ditinggang ku karung beling, ambéh jadi duit ogé cara Nini, tapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih beunghar manan nini”.  Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura menekung, cara Nini baréto”.  Ti dinya éta jalma téh tuluy balik, sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa sarta ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda artos! Samiun Allah kuring neda artos!”  Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti Allah dua karung goni parinuh.  Sanggeus  nepi ka lima poéna, Si nini téh datang ka imahna nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang méprékan, sarta tuluy dibawa naék kana para, kalayan teu antaparah deui dua karung goni nu eusina beling téh ditinggangkeun ka tonggongna.

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna ogé nepi ka potong.
 Basa geus éling geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh dikukusan, tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing?”
           
Sanggeus tamat ngomongna karung téh dibuka, bréh beling kénéh baé henteu jadi duit. Ambek jeung aral pagaliwota dina jero dadana. “Ih naha Allah téh bet pilih kasih, méré téh bet wawaréhan? Ari kaula henteu? Jeung deui naha Allah téh geus linglung, nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari ayeuna henteu bisaeun?

Ti saprak harita éta jalma gering parna  nyeri cangkéng, tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah, bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, nepi ka henteu kuat nyiar kahirupan, lawas ku lawas manéhna jadi malarat cara nini-nini téa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar