Selasa, 21 Oktober 2014

Wilujeng angkat ... Eulis !





Catetan demi catetan...
natrat ngalangkangan dina eunteung panglamunan
diguar ku harewos dangding nu dumareuda mapay-mapay lahunan peuting,
gerentes dina hariring, guntreng magunemkeun carita kamari

nu teu kungsi kasungsi

Eulis ......
Tresna nu kungsi jadi kacapangan
kiwari tinggal sesana nyalangkrung dina hiji rumpaka
kaheman gumawang tinggal tapakna ... anjeun geus ilang miang ka kalanggengan
mulang nepungan pasini nu pasti .... alam padang poe panjang

Eulis ....
sahenteuna ..... diri geus wakca handapeun purnama
tangkal tresna ngarandaka, galeuhna mageuhan catang kadeudeuh
sanajan teu kasiram cai kaheman, bakal tetep tumuwuh linduh
kembangna tetep marakbak  mapaés taman  asih dina sanubari


Peuting nu simpé, Eulis...
Hariring ngalengis ngoétan panineungan
Manjangna kahéman teu keudeu najan ku lumajuna waktu
Tresna kamari tetep sumanding dina kalongkéwang

Peuting nu simpé, Eulis ....
Taya nu kedal, ukur cipanon nyalangkrung mapagkeun ronghéapna hiji kalangkang...
Kalangkang  ngangres dina rangkulan kahoncéwang

Eulis...
Ti dieu ngamalir du’a  keur anjeun di kalanggengan
Muga anjeun ginulur rahayu mendak kabagjaan tepung jeung pangrungrum Yang Agung

Eulis ... hampura
Diri teu bisa nganteur ka pangreureuhan anjeun
Diri teu bisa nemonan basa anjeun mulang ka alam panjang
Ukur pangjajap nu kadalon ... wilujeng angkat panutan.


Pangancikan, 20 Pebruari 2011




Sajak


GUPAY KALAKAY
lengkah ki mangsa teu bisa dipungpang nigas carita nu tinggal catetan
gilirna wanci sumilir nyapih diri nu ngalengis nuguran kaketir ati
waktu nu mangprung mangpengkeun kalbu ka sagara kabingung
di dieu ukur kapaur mapaes karempan dina gawir
kainggis
basa Mei  jadi saksi pangjajap gupay ka nu miang
miang ninggalkeun tapak-tapak kamelang
cunduk waktu nu jadi kapaur
datang mangsa nu jadi kahoncewang
niti wanci nu jadi kaketir yen takdir teu beunang dipungkir kadar teu beunang disinglar
Aya datang aya mulang, mulang jeung datang geus pasti kateang
ngalangkangan katineung diri
basa urang balagonjakan naratas bulan jeung taun
natar pangharepan geusan numuwuhkeun bibit silihwangi
sangkan abdi abdi digjaya ngaranggem sagala cita-cita
bapa.....ibu
ukur gerentes nu tiasa kedal
panggupay kanu angkat
ukur ucapan nuhun....nuhun
kana sagala jasa salira
bapa.... ibu,
hapunten diri, hapunten abdi sadaya
nu nyesek ku kalepatan leber ku kasalahan
rumaos seueur ngabarungsinang nyieun karungsiing
bapa....ibu
ukur citangis nu jadi pangjajap
wilujeng angkat, wilujeng kantun
sapu nyere pegat simpay
mugi salira sinugrah bagja salalamina
angsal damel sadaya nu dicita-cita
wilujeng kantun ...bapa, ibu








Tidak ada komentar:

Posting Komentar