Jumat, 27 Oktober 2017

ARTIKEL SUNDA "SULING"

SULING

Suling (Sunda) nyaéta salah sahiji waditra tiup urang Sunda nu disadakeun ku cara ditiup. Ilaharna dijieun tina awi tamiang. Suling sumebar ampir di sakuliah tatar Sunda umumna di wewengkon priangan. Biasana suling dipaké pikeun mirig lalaguan boh tembang boh kawih.
Ukuran suling nangtukeun luhur handapna sora. Upamana, keur lagu-lagu tembang suling nu digunakeun leuwih panjang antara 60–65 cm (sabab leuwih rendah sorana) ti batan suling keur kawih atawa degung 50–59 cm.
Dina pidangan lian, suling ogé sok dipaké pikeun gending-gending instruméntal kayaning kacapi-suling (Cianjuran) jeung degung klasik.Wangun suling aya dua nyaéta suling liang genep jeung suling liang opat (suling degung). Nada suling ilaharna laras péntatonis Sunda.

Rabu, 25 Oktober 2017

Mangpaat Daun Seureuh



Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisional, pangpangna dipakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokter. Lamun seureuh dipake ubar, biasana sok dicampuran ku bahan-bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula bereum, jeruk nipis jeung nu lain-lainna deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu teh sok disebut ubar kampung.
Urang sunda geus ti baheula wawuh jeung seureuh (piper betle). Seureuh teh aya rupa-rupa, nyaeta seureuh jawa, rupana hideung sarta leuwih lada, seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhur, jeung seureuh nu hejo uratna.

BIOGRAFI

Raden Dewi sartika Dibabarkeun di Bandung dina kaping 4 Desember 1884 ti genep sadulur. Ramana Raden Somanagara, bangsawan Bandung nu harita janten patih di Bandung. Ibuna Raden Ayu Rajapermas, putri bupati Bandung R.A. Wiranatakusumah IV (1846-874) waktu Raden Dewi Sartika yuswa salapan taun anjeuna di kaluarkeun ti sakola menak nu aya di Bandung lantaran ramana di asingkeun. Kumargi ibuna ngiring sareng Raden Somanegara ka pangasingan,Raden Dewi Sartika di roroh ku uwana anu jadi patih apdeling cicalengka. ti istrina Patih Cicalengka,Raden Dewi Sartika di ajar rupa-rupa karajinanan istri, nu dina waktos harita dianggep perlu dipibanda ku wanoja menak Sunda.

Selasa, 24 Oktober 2017

Artikel Ngamumule Angklung

NGAMUMULE ANGKLUNG
diserat ku kelas XII IPS 2


Angklung mangrupa salah sahiji kasenian anu Aya ditatar Sunda, angklung ieu geus aya ti zaman baheula upami maca Tina Wikipedia angklung ieu aya keur masa kerajaan Sunda nyaeta abad 12-16 asal-usul Na ye kumargi alat musik ieu kapungkur memeh sakral pisan diangge pikeun ritual melak pare kusabab pareteh ngalambangkeun kahirupan.
Lamun ayeuna urang Sunda teu apal Kana kasenianana nyaeta salah sahijina angklung asa ku piraku. Dunia oge geus ngaku nyaeta angklung teh mangrupa kasenian atanapi alat musik nu geus dipatenken ku UNESCO milik Indonesia lebih khususnya masyarakat Sunda.

Senin, 23 Oktober 2017

Artikel Konta Druwasa



Jabang Tutuka Konta Druwasa
diserat ku:
Kelas XII IPS 2

Pawayangan di Indonesia parantos jadi objek seni anu Adiluhung. Wayang golek seni anu asalna ti tatar sunda parantos diakui ku UNESCO sebagai kesenian warisan leluhur di Indonesia. Anu bade dibahas nyaeta ngeunaan tokoh pawayangan anu aya dicatur Mahabharata nyaeta Raden Gatotkaca, manusa tulang besi, urat kawat, kulit baja.
          Naha bet milih tokoh Gatotkaca? Kusabab Gatotkaca hiji tokoh wayang anu parantos dikenal kalangan masyarakat Indonesia, boh di kalangan murang kalih, boh dikalangan dewasa, Gatotkaca parantos janten ikon jago anu teu teurak ku pakarang naon bae. Kiwari Gatotkaca hiji tokoh anu diantos-antos upami aya pagelaran wayang golek.